Assalamualaikum wr. Wb
Langkung tipayun sim
kuring asmana Bapak, Ibu guru MI NURUL AHMAR ASY SYIPAD desa Sirnajaya
Kecamatan Sukamakmur seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan,
bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem
paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku
congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok,
patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung
marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya,
menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur
di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu
mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang
tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita
nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak
sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri
Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu
dugi ka danget ieu 6 taun parantos
kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan
sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna,
khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana,
masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim
kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik,
ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina
kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik,
kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak
sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh
kanu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu
mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos
kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur
langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat,
menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan
LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana
kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak
masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut,
di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami,
kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga
nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya
kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung,
tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun,
sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah
etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih
sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu
kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna
geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung,
mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal
pisah, bakal pajah. Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep
parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa
sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira,
sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang
warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring
asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna
mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata,
taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa
sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu
rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng
agama.
Rupin kiwari parantos
niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu
diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep
bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan
pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral
geura miang.
Para Ibu para Bapak
sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban
tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali
deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring
neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina
tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge
dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos
pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna,
kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu
kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe
anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala
gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh
akheratna.
Wassalamualaikum wr.wb
0 komentar:
Posting Komentar